Minggu, 26 April 2015

NANGKA GEUS KOLOT

Nangka geus kolot

Nyawang ka mangsa nu katukang lumpat deui kana tingkat hiji, kuliah asana era pisan komo mun nginget-nginget fhilosofi carpon si kabayan ngala nangka (Tina Lima Abad Sastra Sunda, yasana Wahyu Wibisana, spk,) Urang geus kolot kudu bisa balik sorangan, urang geus kolot kudu bisa ngatur diri, urang geus kolot, gening urang dipikabutuh ku balarea, moal bisa ngatur sabudereun urang mun urang teu bisa ngatur diri, asa kagugu nang saukur formalitas Pinunjul 1 catur putra porak bem hima pensatrada 2015 teh, era urang teh acak-acakan pisan. Jelema nu bisa maen catur pola pikirna kudu panjang, jelema nu bisa maen catur teu menang narik deui ucapannana, jelema nu bisa maen catur kudu menang tanpa ngelehkeun batur, jelema nu bisa maen catur kudu bisa ngatur diri, sidik hidep teh islam cing ulah rek ngerakeun muslim, naon amanat ti bapa kamari urang kudu loba nyukuran nikmat ti gusti Allah, sing loba dzikir, ulah olo-olo ku panyakit, ulah elehan ku panyakit, nabi Ibrahim henteu menta diringenkeun beban ka gusti Allah, tapi anjeunna nyuhunkeun sing dikuatkeun dina nyahareupan harungan. Urang kudu loba sukuran ka gusti Alloh, cara sangkan getol nyaeta urang kudu boga impian, cita-cita menang luhur, ngan urang kudu tetep tawadu kudu daek tatanya, kudu daek gawe, kudu puru cileh kentel pejit, mun urang nyaho kana diri urang bakal bisa ngatur diri, sing tawadu, da urangmah boga naon ngaran oge pamere kolot. Sakujur awak kaasup panca indra mung saukur titipan ti mantenNa.