Gerlong
Pinunjul
Dina
raraga matalikeun kabudayaan sunda, sesepuh jeung nonoman aktif paheuyeuk-heuyeuk
leungeun ngamajukeun lembur ……
Ku : Firman sidik
Sakumaha dina rapat pamilihan RT RW,
20 Séptember 2014 kaléwat, “Arék dikumahakeun Gegerkalong
kaharepna? Apa maju, atawa stagnant biasa-biasa
waé? Urang kudu silih, ari ker kamajuan
Gegerkalong mah.” Cék H. Aman Sugiaman ketua RW 03 Gegerkalong tengah. Kitu deui ditambahan
cék Ketua RT 01 Bapa Engkos Kosasih,
“Boh pamaréntah dina
tingkat RW jeung pagawena atawa masyarakat biasa kudu ningkatkeun gawé bareng anu hadé, anu kaorganisir antara pagawé pamaréntah,
oge pamaréntah jeung masyarakatna.
Dina raraga ngarojong hasil rapat éta, para nonoman Gerlong satékah polah ngaji ambahan gawé
atawa program kerja anu geus aya, jeung ngieun atawa nambahan
kakurangannana. Ambahan gawé anu dipaké
tangtuna henteu lepas ti saran atawa arahan para sesepuh-sesepuh Gerlong. Dina
widang atikan pendidikan, kasenian, kewirausahaan,
olahraga, jeung kabersihan atawa katartiban lembur diarahkeun ku para sesepuh
sangkan henteu lepas tina budaya dina éta tempat, atawa nu katelah kearifan local nyaéta
budaya sunda.
Di gerlong tengah salah sahiji anu ngahandle atawa ngaback-up kagiatan-kagiatan boh keorganisasiannana atawa
kepemudaanana, nyaeta organisasi karang taruna. Karang Taruna anu mangrupa
salah sahiji wadah ker masyarakat, jadi tempat ker ngamajukeun lembur boh dina
widang kasenian, wirausaha atawa kerajinan tangan, keamanan lingkungan,
kabersihan, ogé kaagamaan.
Anu mana SDM na éta lobana nonoman-nonoman, para mahasiswa, jeung masyarakat pribumi.
Sajaba
ti organisasi-organisasi anu aya di masyarakat Gerlong, peran atawa arahan ti
para sesepuh oge omat dibutuhkenana. Di Gerlong anu jadi sesepuh-sesepuh, panyaang
wadah pananya, panyarék dina lepat diantarana nyaéta bapa H. Abud Prawira Sumantri, anjeunna
netelakeun yén ngamumulé budaya sunda, masyarakat sunda kudu panceg, jati ulah
kasilih ku junti, “Urang jadi urang sunda kudu hirup ku budaya sunda, lain teu
aya toleransi tapi urang cicing di daerah sunda budaya katut basana ogé kudu dipaké, lain kudu toleransi ka urang luar, tapi anu luar
atawa deungeun kudu belajar kana budaya sunda, basa sunda, pan maranéhna cicing di tatar sunda manehna kudu pindah cai
pindah tampian.” Cék
penasehat Gegerkalong Tengah éta
kalawan éces jéntré. Ketua DKM mesjid baiturrahman lami éta nétélakeun yén budaya sunda kudu diasupkeun di mana hirup kumbuhna
masyarakat, “boh éta
dina widang atikan pendidikan,
kasenian, basa sunda kudu dipaké.”
Ku ayana
oraganisasi anu kajaga, ogé
ayana para nonoman-nonoman anu sumanget dina ngamajukeun lembur dina sagala
widangna, tur dilengkepan ku para sesepuh-sesepuh anu jadi “panyarek dina
lepat” ogé “wadah pananya”,
kelurahan Gegerkalong Tengah bisa kasawang maju kahareupna sakumaha anu
diharepkeun, kearifan local atawa
budaya sunda bisa tumuwuh di wewengkonna sorangan.