Senin, 23 Februari 2015

Gegerkalong Tengah


Gerlong Pinunjul





Dina raraga matalikeun kabudayaan sunda, sesepuh jeung nonoman aktif paheuyeuk-heuyeuk leungeun  ngamajukeun lembur ……
Ku : Firman sidik
Sakumaha dina rapat pamilihan RT RW, 20 Séptember 2014 kaléwat, “Arék dikumahakeun Gegerkalong kaharepna? Apa maju, atawa stagnant biasa-biasa waé? Urang kudu silih, ari ker kamajuan Gegerkalong mah.” Cék H. Aman Sugiaman ketua RW 03 Gegerkalong tengah. Kitu deui ditambahan cék Ketua RT 01 Bapa Engkos Kosasih, “Boh pamaréntah dina tingkat RW jeung pagawena atawa masyarakat biasa kudu ningkatkeun gawé bareng anu hadé, anu kaorganisir antara pagawé pamaréntah, oge pamaréntah jeung masyarakatna.
Dina raraga ngarojong hasil rapat éta, para nonoman Gerlong satékah polah ngaji ambahan gawé  atawa program kerja anu geus aya, jeung ngieun atawa nambahan kakurangannana. Ambahan gawé anu dipaké tangtuna henteu lepas ti saran atawa arahan para sesepuh-sesepuh Gerlong. Dina widang atikan pendidikan, kasenian, kewirausahaan, olahraga, jeung kabersihan atawa katartiban lembur diarahkeun ku para sesepuh sangkan henteu lepas tina budaya dina éta tempat, atawa nu katelah kearifan local nyaéta budaya sunda.
Di gerlong tengah salah sahiji anu ngahandle atawa ngaback-up kagiatan-kagiatan boh keorganisasiannana atawa kepemudaanana, nyaeta organisasi karang taruna. Karang Taruna anu mangrupa salah sahiji wadah ker masyarakat, jadi tempat ker ngamajukeun lembur boh dina widang kasenian, wirausaha atawa kerajinan tangan, keamanan lingkungan, kabersihan, ogé kaagamaan. Anu mana SDM na éta lobana nonoman-nonoman, para mahasiswa, jeung masyarakat pribumi.
                Sajaba ti organisasi-organisasi anu aya di masyarakat Gerlong, peran atawa arahan ti para sesepuh oge omat dibutuhkenana. Di Gerlong anu jadi sesepuh-sesepuh, panyaang wadah pananya, panyarék dina lepat diantarana nyaéta bapa H. Abud Prawira Sumantri, anjeunna netelakeun yén ngamumulé budaya sunda, masyarakat sunda kudu panceg, jati ulah kasilih ku junti, “Urang jadi urang sunda kudu hirup ku budaya sunda, lain teu aya toleransi tapi urang cicing di daerah sunda budaya katut basana ogé kudu dipaké, lain kudu toleransi ka urang luar, tapi anu luar atawa deungeun kudu belajar kana budaya sunda, basa sunda, pan maranéhna cicing di tatar sunda manehna kudu pindah cai pindah tampian.” Cék penasehat Gegerkalong Tengah éta kalawan éces jéntré. Ketua DKM mesjid baiturrahman lami éta nétélakeun yén budaya sunda kudu diasupkeun di mana hirup kumbuhna masyarakat, “boh éta dina widang atikan pendidikan, kasenian, basa sunda kudu dipaké.”
            Ku ayana oraganisasi anu kajaga, ogé ayana para nonoman-nonoman anu sumanget dina ngamajukeun lembur dina sagala widangna, tur dilengkepan ku para sesepuh-sesepuh anu jadi “panyarek dina lepat” ogé “wadah pananya”, kelurahan Gegerkalong Tengah bisa kasawang maju kahareupna sakumaha anu diharepkeun, kearifan local atawa budaya sunda bisa tumuwuh di wewengkonna sorangan.     
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar